Mieling Poe Basa Indung

Ku: Dedi Supriadi

 

Unesco geus netepkeun tanggal 21 Februari jadi Poe Basa Indung Internasional. Nu jadi pamiangan ditetepkeunna Poe Basa Indung Internasional tina kamelang kana rebuan basa di sakuliah dunya nu nungtutan tumpur.

Waktu David Crystal nulis buku Language Death, rea nu gogodeg. Cek panalungtikannana, saratus taun ka hareup, tina 6.000-an basa di alam dunya nu kiwari masih keneh dipake, 50-90% baris musnah. Mun dicokot patina, tur itungan Crystal teu mencog, taun 2100an tinggal 600 basa nu dipake di alam dunya teh.

Kunaon urang jadi hariwang bakal tumpurna  basa indung,   saperti hasil panaluntikan David Crystal. Urang hariwang leungiteun basa indung urang. Leungit na basa Sunda, bakal leungiteun bangsa budaya tur leungitna urang Sunda. Aya keukeucapan yen basa teh ciciren bangsa. Basa na leungit bangsana oge leungit. Jerbar basana, jerbar budayana, ilang basana ilang bangsana. Sirna ilang kerta ning bhumi.

Direktur Umum Unesco, Kichiro Matsuura nandeskeun dina ngabagjakeun Poe Basa Indung Internasional di tahun 2006, “ yen basa teh lain ukur pakakas komunikasi. Basa geus mareungan ti barang urang gubrag ka dunya, turun tumurun, tur ku ayana masa urang bisa neuleuman eusining hirup. Dina hiji basa, lian euyeub ku keukeucapan, baris katembong pangaweuruh, sawangan, gagasan jeung pamadegan, katut rupaning catetan ngeunahan hirup kumbuh manusa di hijiwewengkon “.

Unesco ngajenan pisan ka sakur basa indung di sakuliah dunya. Cek Unesco cenah,” basa teh warian karuhun nu ajena teu ka ukur. Atawa “ basa baris nangtayungan jeung ngabewarakeun pirang-pirang budaya “.

Mumule Basa Indung

Basa Indung mun urang deungeun mah nyebutna “ mother tongue “, “ mother language” atawa “ fist language “. Mun nilik kana sungapan kecapna, basa indung teh “ basa nu mimitian dikedalkeun ku hiji indung kana anakna”. Jadi mun urang Sunda, basa indung nya basa Sunda.

Kamelang urang dina mieling Poe Basa Indung, kaalaman yen basa Sunda selaku basa Indung urang Sunda geus, geus nungtutan tumpur. Tong buru nonoman Sunda, ningali gegeden, para pejabat urang Sunda, asa gengsi mun ngomong Sunda.  Pon kitu dikota-kota geus arang basa Sunda jadi alat komunikasi dina kohirupan sapopoe. Teu aneh mun bapa-ibu na urang Sunda pas anak na teu bisa basa Sunda. Da, ti barang gubrak ka alam dunya diajaran komikasina basa Melayu. Padahal cicing na di Bandung nu katelah dayeuh priangan, pusatna Sunda. Teu salah disebutkeun ayeuna yen basa indung (Sunda) teh basa nu teu weleh gering nangtung ngalalayung, basa nu keur mejehna ripuh nu perlu disalametkeun.

Tinggalkan Balasan