Mieling Poe Basa Indung

Dina mieling poe basa indung tujuanana pikeun ngageulingkeun urang Sunda, mikacinta ka basa Sunda salaku basa indungna. Melakeun rasa kacinta nonoman Sunda, ka basana jeung ka budayana. Ngarah urang Sunda teu leungiteun jatidiri, “ teu jati kasilih ku junti “.

Ade Astrid Jeung Mulasara  Basa Sunda

Ade Astrid artis local, viral di dunya maya. Karirna Penyanyi ti kampung ka kampung, ti gang ka gang. Ku era internet Ade Astrid, asup dina Yutub lagu-laguna ayeuna jadi artis local nu kakoncara satatar Jawa barat, malahan lagu-lagu Ade dipicacinta ku dulur-dulur di wetan (jawa). Lagu-lagu Ade nu ngaterkeun jadi hit didunya maya saperti aa udah depo wae, Midua Hate, Bebende, Nista, Buleud, ingeut ka mantan, dua lalaki jeung sajabana.

Top na Ade astrid lain mawakeun lagu-lagu ciptaanana, justru Ade ngabawakeun lagu-lagu seniman-seniman Sunda lawas Saperti Darso, Yayan Jaknika jeung nu lian. Tapi jenis genre atawa wanda anyar dina music organ tunggal. Ngagabungkeun alat – alat music diatonis jeng pentatonic. Nu aya epek positip ka group-group lain. Ditambah sora Ade Astri nu enakeun nu katingali  cengkok-kengkok has Sunda.

Ade Astrid jeung group seni Gerengseng boga jasa gede dina mawa masyarakat Sunda mika reuseup atau mika cinta ka basa Sunda. Cinta ka seni sunda pasti cinta ka basana. Subcribe Ade Astri geus jutaan, can folowerna. Satiap pentas manggung dimana – mana diburu ku penggemar.  Ade geus ngabangkitkeun, ngahudangkeun, urang Sunda mikareuseup ka seni Sunda.

Dina mieling Poe Basa Indung, Ade Astrid boga jasa nusakitu gede na, teu dibayar ku APBD Provinsi Jawa Barat. Sabaraha tahun katukang aya kamelang leungitna basa indung (Sunda), ka jawab, ti barudak, dewasa jueng ibu-ibu asyik menikmati lagu-lagu Ade. Rela ngaluarkeun rebuan nepi ka jutaan nyawer, bakat reuseupna. Ade reumen dialog jeung penggemarkan make basa Sunda.

Ade jeung Garengseng, lian ti ngajak urang Sunda mikacinta ka basa, seni Sunda tapi oge menalkeun ka nonoman Sunda, music alat Sunda: kendang, suling, sakapeung piul. Jeung music has Sunda nu beda jeung music-musik daerah lain. Ieu jadi bahan ingeutan ka nonoman Sunda : Ieu teh music nu Uing. Wilujeng Mieling Poe Basa Indung (Sunda) Sunda tetep Najeur!. *) Penulis adalah Alumni S3 MP UNPAK Bogor, Mantan Kepala SMAN 16 dan 8 Bekasi serta Pemerhati Budaya Jawa Barat.

Tinggalkan Balasan