Ceunah di era globalisasi basa Sunda teu ilu biyung, basa nu teu laku dipasar global. Asa era mun ngomong ku basa Sunda. Rena nonoman-nonoman Sunda lewih gengsi ngagunakan basa Jakarta elu gua.
Kareueus urang ka Unesco jeung nganuhunkeun ka Unesco, nu nenden perhatian pisan ka basa indung sakuliyah dunya kaasup basa Sunda basa indungna urang Sunda. Geus ngageuingkeun urang Sunda mieling basa indung. Rek saha deui nu mumule, jeung ngariksa basa Sunda mun lain urang Sundana.
Mieling basa indung, nya mieling basa Sunda boh pedah pikareueuseunana, boh pedah pikarunyauenana. Nu ngarasa basa indungna basa Sunda, kahudang duei katineungna pikeun miara jeung mulasara basana.
Nu anehna provinsi Jawa Barat teu boga rasa kareueus, jeung kamelang pikeun mekarkeun basa Sunda. Nyiuen program pikeun ngarojong ilu biyung dina mestarian, ngajaga jeung ngariksa basa.
Ti saprak Ridwan Kamil jadi gubernor can kungsi ngayakeun kagiatan ieu. Pada mun nilik perda no 14 taun 2014 perubahan tina perda no 5 taun 2003, aya kawajiban provinsi mrogamkeun kagiatan mumule budayan jeung satra Jawa Barat, nu diantara eusi mumule basa jeung budaya Sunda. Basa jeung budaya teu bisa dipisahkeun, nalika basa Sunda jadi alat komunikasi dina kahirupan sapoe-poe, pasti budaya kesenian bakal hirup.
Tapi aya jadi kareueus urang sabararaha sakola ti SD nepi ka SMA ngayakeun kagiatan Mieling Poe Basa Indung Internasional dina tanggal 21 Februari. Ku pirang-pirang tema, “ Jembar basana jermbar budayana, ilang basana, ilang bangsa “. “ Basa teh cicireun bangsa, Ilang basana, ilang bangsa “.
Mulasara jeung mumule basa budaya banda sorangan saeunyanaan hukum hakim pikeun urang Sunda. Sabab, urang jadi urang Sunda geus Sunatullah, takdir, titis tulis ti Pangeran. Nyutat dina Surat Al-Hujurat (ayat 13) “ Yeuh manusia! Saestuna Kami ngajadikeun maraneh ti hiji lalaki jeung awewe, jeung Kami geus ngajadikeun mararaneh bangsa jeung seke seler, supaya mararaneh silih pikawanoh”.
Numutkeun antropologi setiap bangsa jeung suku bagsa (seke seler) ngabogaan budaya sewing-sewang. Antropolog Kucklon ngabagi tujuah unsur kebudayaan : yaeta Kayakinan (kapercayaan), basa, kasenian, adat istiadat, pengetahuan, teknologi. Kukitu na wajib hukum pikeun urang Sunda mumule jeung mulasara basa.